Rabu, 14 November 2012

MATA BATHIN


TERAWANGAN
  • TERAWANGAN I
Sirr rasa cahyaning rasa ,mut maya tejaning maya
di baca 300x ba'da shalat fardhu
  • TERAWANGAN II
Yaa hayuu, Yaa Qoyuum   ...3x
Fashala robbuna ala muhammad
Fashala ala nuuril qirom
Fashala ala badri taman
dibaca 7x tahan nafas
  •      TERAWANGAN III
Bismillaahirrohmaanirrohiim. Ya Allah Ya Waliyullah
sipat  langgeng aji luhi kamaseha sarining gampang, sacipta polah kaula ningali.... (sebutkeun naon ru rek di terawang ) (gampang….3X.)
  • TERAWANGAN IV
Inna quwwatih quwatah kun fayakun yaa ghoib yaa bathin
dibaca 11x bari tahan nafas,terus mujasmedi bari dibaca lafadzna saloba-lobana
  •      NGARAGA SUKMA
Bismillaahirrohmaanirrohiim. Ya Allah Ya Waliyullah
sipat langgeng aji luhi kamaseha sarining gampang, sacipta polah kaula kaluarna sukma tina raga (gampang…3X)

JAMPE PAMAKE

JAMPE PAMAKE 

Jampe NGUSEUP I
Kuat kait sisirintil
Kanjut ngait kana itil
Clom giriwil.....3X

Jampe NGUSEUP II
Aki Rékrék Turaya
Aing nya pangkonan sia
Bayu mas nu lénggang patih
Bayu emas nu lénggang hérang
Bumi meneng bayu meneng
Ku sangkilat ku moncorong


Jampe NGUSEUP III
Ratna putih sang ibu putih
Undur ku sangkilat sakti
Nya isun sang demi jati

Jampe ngubaran nu RAHEUT 
Bismillahir  rohman  nirrohim
Hu dat herang langgeng anu nyurup kana nyawa
Ras kala jeung eling aya di Gusti anu nyanding
Gerak kawasa anu manjing hak kalam jeung mutakalimun
Jaya wisesa aya di kaula hirup waluya asal biasa
Hak cageur (3x), cager ku kersa hayat


Jampe Nyarang Hujan
Mega mengkol ka kulon
Haseup mawa ka kaler
Hujan mawa ngetan
Tungkul tuluy ka kidul
Aki tumenggung ajeg di tengah panggung
Disered meped ngaler, ngetan, ngidul, ngulon
Laahaula wala quwwata illa billaah

Jampe Awet Ngora
nyiuk sinujum mara sinum, hiyang sinum barasatan,
nu ngariung siga tunggul, nu ngalayah siga kalakay,
ulah mupul sari aing, ulah mupul sisi aing,
ulah mupul sila aing, sari si itu si éta,
cahaya beunang ku aing


Rarakan Nyi Pohaci
Hihid kekeper iman
Nyiru tamprak ning iman
Dulang ketuk ning iman
Parako bengker ning iman
Hawu dungkuk ning iman
Suluh solosod ning iman
Seeng kukus ning iman.

Jampe Padjadjaran
Berkingkin jer kejo ketan
dihalang ku telon tembok
keuyeup naek langke 
kayu dibetot..(sorodot pros )
karek we bebas

Qulhu nangtung (Paragi ngubaran nu Encok,rheumatic jll)
Qulhu nangtung rohim ngedeng 
Rohim anu ngecos urat geutih 
Mengkel sari hade sang peuleutik putih
Sang parapat herang sia ngaleungan

Aing nyaho ka ngaran sia Geutih meuting dina kulit
Darah ngenong dina cekol Anta boga kuku bima 

Nya aing anu nyekelan ratuna
Brajamustina manusia















KASAKTIAN

KOLEKSI ELMU KAWEDUKAN ( HAREUDANG.......CUUU _/\_ )

  • RAWARONTEK
Hurmiang sang gurmiang, lomari turun ngabangri, 
lomara turun ngabangra, taneuh garing taneuh baseuh, 
ngahiji jadi sarawa, ngarawat awak awaking, keclak cai jadi saawak,
saawak ngaraga cai, hiliwir angin kana raga, ngahijikeun raga awaking,
nya aing sirawarontek.
  • KAWEDUKAN (Eyang Batara Karang )
Awak aing sibatu wulung, tangtung aing Batara karang,
tikatuhu Ratu Galuh, tikenca Tajimalela, ceuli aing tandaning beusi,
tarang aing tandaning waja, tonggong aing waja balitung, 
khodima-khodima hadir Eyang Mudik batara karang.
  • WEDUK BANYU (Rawarontek versi Hizib Rifa’i)
Bismillaahirrohmaanirrohiim.
Bilhaqi manqola sayidi Kanjeng Syekh Abdul Qodir Jaelani 
Wasayidi Syekh Ahmad kabirur rifa'i Wayukolu raekuka minal marodi 
wasukmi walgoerihimakareki (Alah hadir) 3X
  • BRAJA MUSTI (Versi Sunda )
Bismil kuat mudaning kuat, Aku braja musti, 
Jariji aku batu ireng curuk aku wesi kuning, 
gunting tangan peurah aing tulang waja, 
kulit aing wesi kuning cagak rasa gurat aing.
  • BRAJA MUSTI (Versi jawa )
Sun matek ajiku braja musti,terap terap,awe awe,
kuru kuru griya gunting drijiku watul teming tanganku,  
sun tak antem laa ilaha ialloh muhammadur rosululloh
  •  SEMU GUNTING
Cinggir aing cinggir beusi, 
jajangkung waja balitung, 
dampal leungeun taji malela,
langlang lingling langlang lengleng,
langlang lingling langlang lengleng, 
sia jaga pati aing jaga paksa .
  • ANTI CUKUR & SILET
Sirah keusik ti baetulloh, 
rambut rajeg beusi purasani,
kulitku waja balitung,
tutug pucus tanpa banyu, 
hanaraga tanpa sukma tok biar muktanana, 
sirah matian roh sirah hu,hu.
  • NGALEULEUSAN BEUSI ( (Bedog ,Linggis jeung sajabana )
Beusi kari daki, waja kari kesang, 
rep sirep ku Gusti nu Maha Suci.
Dibaca bari tahan nafas 3X
  • AJI RAJAH KALACHAKRA     
ya maroja-jaromaya 
ya marani-niramaya
Ya silapa-palasiya
ya midosa-sadomiya
ya dayuda-dayudaya
ya sikaya-kayasiya
ya simaha-mahasiya
ya midara-daramiya
  • QULHU QOMARA GENI
Bismillahirrohmanirrohim,
Allahumma Du'a bali sumpah waliyulloh,
Ana muka badan yaa rosululloh,
Allahumma ( yaa bali 3X )
sakukudung ingsun Qulhu komara geni tutup bali,
Balika     3X
Balikum  3X

Jampe Lumpat
  • KIDANG KANCANA I
Bismillahaahir rahmaanir rahim
Pur puyuh Cleng peucang
Jagat ngariut Batu beukah
Surungkeun ku sang dewa
  • KIDANG KANCANA II
Koleang pluk ninggang kapuk, koleang plak ninggang kapas,  
pluk katimbul sirah kateguh ning nu Agung ngabuana,
 kul menekul des banyu rata bumi lita saur inang ge mokaha,
 ret rampung sajagat kabeh.

  • KIDANG KANCANA III (ajian kalakay murag)

Rincik manik ratu intan
Gunung tulak babu hawa
sakunang kunang kumpulkeun sakabeh nyawa
jelug-jelug panca tengah
ah hampang...ah hampang...
hampaning ku Kersaning Allah...






PANGABARAN

KOLEKSI SIMA JEUNG PANGABARAN (KAWIBAWAAN)

  • PANGABARAN I
Sri wedi banteng kala, kala nengak singa tulen,
da aing teu katetep teuhidep, teukasima teukaparibasa,
da aing nunangtung dikarahayuan, maung ngamuk datang sadu,
badak galak datang depa, oray laki datang numpi, 
oray welang datang nyampay, nya aing nungadeg disarangenge.
  •  PANGABARAN II 
Siu guntur sima guntur simaung sima manusa,
sima aing sima maung lain nyima ka kayu ka batu tapi nyima ka manusa 
disima ku kaliwasa ret meneng, ret meneng ku pangawasana,
sabda gumilang beubeur kancing nagawisnu
(gumilang) 3X, (kepek) 3X, (ret meneng) 3X,
sungsum balung tulang sani sia ngalungkuruk sia kaya kapas kaibunan.
  •   PANGABARAN III
Munggang mali-munggang malimunggang mali ratek peujit, 
peujit sia dibeulit- beulit, tulang sia ditumpang- tumpang, 
tutunggangan sabda kahimengan (ah himeng 3x) 
bali sia geusan ngajadi, santen sia geusan ngajanten (ret janten 3x) 
sungsum balung tulang sia ngalungkuruk kaya kapas kaibunan.
  • PANGABARAN IV (SIMA)
sima aing sima maung
pangabaran singa macan
sia sieun ku aing,lain aing nu sieun ku sia
nur haq nur.......(jleg nenjrag bumi)........
ashadu alla ilaaha illaloh....
wa ashadu anna muhammadarrosululloh..
  • PANGABARAN V (SIMA)
Basmalah (Bismillahirohmanirrohim)
Allahuma Rangga Komala
Muhammad Rangga Allah
Katibanan Cahya dening Allah
Pada anut pada asih kabeh jalma
Sujud madep naring isun
Tuh anom lanang wadon menak krama
Jalma kabeh...
Syahadat 3X

Jampe mun geumpeur ku SIMA batur I
Sima sia sima aing
Sima sia aya di aing

Jampe mun geumpeur ku SIMA batur II
Bismillahirrahmanirrahim
Allahumma roh madep
Cahaya hurip hurip ku cahaya
Roh kudus madep hurip ku cahaya Allah
Somad somud kalawan roh idofi
Kang angadeg
Hurip ku cahaya Allah
Roh hurip ku cahaya Allah
Madep maring Allah ku Allah (2X)



ASIHAN


 KOLEKSI ASIHAN

Asihan mandi
Bismillah, syahadat ka kanjeng Rasul
Cur nyuhcur, cahayaning Rosul
Gumilang cahayaning Muhammad
Herang caina ti kodrat
Allahu, yaa Alllahu (3 kali)
Cuuur, Cuuur, Cuuur
Dibaca unggal rek mandi ku cai kembang sataman 
(Mun bisa  bawa jeung tamanna .......hehehe)

Asihan sabeulit bumi

Asihan sabeulit bumi
Asehan salinlang buana
Brag asih da di asih
Nu asih lungguh na biwir
Nu haat lungguh na soca
Roh tuk-truk tuh badan si anu (....)
Mang kawelas, mang ka asih
Raat asih ka badan awaking.

Asihan SI LEUGEUT TEUREUP
Asihan aing Si Leugeut Teureup
Ti teuteul ti amburateul
Rapet napel kanu udeul
Mangka eunteup mangka asih
Si (.......sebutkeun ngaranna)Asih ka awak aing

Asihan SEMAR MESEM

angkang ingking nanggung rinjing jol si togog lar si semar
aha ehe ngajar seuri,nya aing ratu ratu asihan
mangka welas mangka asih (.......sebutkeun ngaranna)) ka awaking
(dibaca 313 x)
Carana ;
-Adus heula
-puasa 3 poe ditutup ku matigeni
-dibaca jam 23:00


KASEMARAN
Asihan aing siku mat mesem arana kinasihan,
 si teuel si kura teuel peul gera napel si(.......sebutkeun ngaranna)
 Ka awaking yeup tuturkeun aing ka mana bae.
Puasa sapoe sapeuting ,mantra di baca keur puasa melek

ASIHAN (KHUSUS BACAEUN ISTRI)
Samping aing kebat lereng,ditilik ti gigir lenggik,diteuteup ti hareup sieup
mikaenteup mikasieup,mangka eunteup mangka sieup ka awaking ratu asihan
ti luhur kuwung kuwungan,ti handap teja mentrangan ditilik ti tukang lenggik
ditilik ti gigir sieup,mangka eunteup mangka sieup
asih...asih...asih...
asih ka badan awaking

PELET QULHU ABSAR (ASMA AL LATIF )
Bismillah , Kum awewe
Wataji kulhu absar , Wahuwa Latiful Khabir
Sabulan sang ratu nu colalang , Sabulan mangrupi , Dua putri mananjo
Tujuh bulan kolot , Salapan bulan sang goledah , Gereleng putih
Jig ka cai ngadon ceurik , Jig ka darat ngadon midangdam , Jig ka imah asa jobong koong
Kop cai asa tuak bari ,  Kop dahar asa tatal bobo , Kaula nyaho ngaran sia…si.............

Asihan NENGGALA I
Bali meneng tunggal meneng Alat-alat parah meneng ,
Ah meneng sajagat kabéh
Inga sia di mana meuting Di puncak di angkasa
Sia diliputan ku halimun Dilanat ku mega bodas
Bayu sia pédah kabatu Bayah sia pédah ku catang
Seuweu komo ringkep  Seuweu ménak komo hayang
Nu asih pahiri-hiri Nu hayang paheula-heula
Rét nu haying Rét nu asih
Nya aing ratu asihan
Ya Alloh Ya Rosul
Ya Muhammad Ya Adam

Asihan PANAH RASA
Asihan aing si panah rasa Rasa dipanah ku cipta isun
Juh teleng alip nu ngadeg di tungtung
Kulincer nu ngulincer haténa si…….(sebutkeun ngaranna )
Kaedanan ku harta La illaha illaloh Muhammaddarosululloh
dibaca jam 11 peuting 41 x.

Pelet RUNCANG I
Bismillahirahmanirrahim
Amatkeun sejaron guyang
Teteger aya di pasar
Gagamanna suda lanang saking suwarga
Lamun sabetkeun ka gunung Gugut
Ka lautan saat, ka bumi bengkah
Lamun disabetkeun ka langit tujuh amblas
Lamun disabetkeun ka si .......(sebutkeun ngarana )
Tunduk runtut raut babarengan sareng kakasihku
Lamun keur ulin balik
Lamun keur saré sina hudang
Lamun geus hudang titah diuk
Lamun geus diuk lengkahkeun ka imah
Ngadeukeutkeun kakasihna
Lailahailallah Muhammadarosulullah

pelet RUNCANG II
nini sangguriang aki sangguriang,deuleu teuteu runcang,
deuleu di deuleu teu matak weudeu, di soreang hayang keneh,
di deuleu ti gigir lenggik di deuleu ti tukang lenjang di deuleu ti hareup sieup,
mangka sieup kana peunteu mangka narimang kana raga mangka welas mangka asih ka awaking ratu asihan
Carana :
dipuasan 3 senen jeung 3 kemis,di baca 33X/101X sa enggeus shalat fhardu

Kinasihan (Kanggo isteri & pameget)

Ratu manan ratu gayaga
Ngaran menak kamana ka holan
Jalma ngancik sia Kuwu panutan aing
Aing panutan sia Sia geura manut ka aing

Asihan
mat mat kalemat,
pangemat ka nu ngaran si ……….
eundeur sadayeuh, géhgér sabalé,
komo ratu komo rusuh,
déwata nu matak hayem, mangka welas mangka asih,
asih ka badan awaking.


Pelet 
Kaayana di kamada
Ngalih ka pancana
Matak linglung ti peuting
Gundam ti beurang
Ras inget ka jalmi si aa




MANTRA SUNDA



JANGJAWOKAN WARISAN AKI JEUNG NINI
Sahadat SUNDA
Ashadu sahadat sunda
sahadat kaula ngan sahiji
raden santri kuncung putih
nu calik di cirebon girang
nu rebo tanpa wekasan
hurip gusti,waras abdi/(.......)
hurip teu keuna ku gingsir
waras teu keuna ku owah
hurip ku kersaning allah ta'ala
laa ilaha ilalloh muhammadur rosululloh

Sahadat IMAN
ashadu iman tuhu
sahadat iman nuradan
iman ngadeg satuhune
qori allah korsi allah
korsi nabi rosululloh
laa ilaha ilalloh muhammadur rosululloh

sahadat SEJATINING DIRI
Ashadu dzat gusti dzat abdi,rasa gusti rasa abdi
jumeneng gusti jumeneng abdi,dzat sejatining manusa
kawasa sa alam dunya,tunduk takluk sakabeh mahluk
tunduk tanak kersa ku kawasa alloh
hirup langgeng di dunya ,hirup langgeng di akherat
kun sejatining manusa ruh kaula jasad, jasad kaula dunya ,
ruh kaula akherat
laa ilaha ilalloh muhammadur rosululloh


Du'a Pangondang IBU RATU KIDUL
Bismillahirrohmanirrohim…
Asyhadu alla ilaha ilallah wa asyhadu anna Muhammaddarrosulullah…
Bismidat Dalima Putih, Gumilang Cahaya ning Suci ing Wisesa…
Matih Sang Rama Wulung, Ya Ibu Ratu Agung, Sangiang Dangiang Hajah Nyai Dewi Roro Kidul….
Rawung Ka’anjeng Gusti Wali Tunggal…
Laluhur Saka Wayana si Nareng Ka’anjeng Syech Haji Wali Sakti Kudratullah…
Sumerep ing Genuruwah Sang Kremi Pelabuhan Ratu…
Dupe Ciri Wali Purwa tanpa Wekasan…
Tusta Usmaningani Tugtupku Kersaning Allah…

Du'a PANGEUSI DIRI
Abdi seja matihahan ,istighfaran ,Subhanalloh seluruh tubuh sedulur papat kalima pancer
Ghoib...Ghoib...Ghoibul...Ghoib sukma sari,sukma rasa,sukma tunggal,sukma akbar
sukma anu ngaraga sukma dina sukma sejatining manusa ngaraga sukma jeung badan kaula
sukma sampurna ning manusa tekad ucap laku lampah amal perbuatan aqli qouli fi'li ghoibi
sumsum balung ,urat lamat ,darah daging ,kulit bulu ,rasa perasaan ,pangawasa ,pengersa ,paninggal
pandingaran ,pangangseu ,kanyaho hirup hurip dzatna ,wujudna sampurna manusa
cai sucina angin,suci seuneu ,suci bumi , suci sir amarah,shawiyah,muthma'inah,lawamah,mardiah,
rodiah menuju li ala kalimatillah.

Du'a PANYIPUH ELMU PANGAWERUH
Burr sipuh pangaweruh,pangasahan pangawasa
hurungna ku gusti.lencopna ku allah ta'ala
LAA ILAHA ILALLOH MUHAMMADDUR ROSULULLOH

jampe PAMULANG TELUH I
Allohuma balik sumpah wahid,roh beureum nyawa bodas
daun di bunteul ku daun
bisi aya nu sirik ti kidul,pamulangkeun deui ka kidul
bisi aya nu sirik ti kaler,pamulangkeun deui ka kaler
bisi aya nu sirik ti wetan,pamulangkeun deui ka wetan
bisi aya nu sirik ti kulon,pamulangkeun deui ka kulon
pur sapamulang,pamulang pamayangsari
sari pamulang rasa,rasa pamulang cahaya
pamulangkeun rasa kaula kanu sirik pidik jail kaniyaya
laa ilaha ilalloh muhammadur rosululloh

jampe PAMULANG TELUH II
aing nyaho asal sia ratu teluh ti gunung agung
aing weruh dumuk sia si sang ratu ceda cawal buah reumbay
sang ratu gereleng herang baya, baya tan ku baya
nya sia nu baya ta mah hirup ku pangaweruh
waras ku pangawasa hiding ! hiding ! hiding !
istan ! istan ! istan !
mangprung ka gunung agung ka asal sia ,malik kana diri..."

jampe PAMULANG TELUH III
Papag halang papag sungsang, pa papag pa pulang pulang,
bisi datang penyakit ti kidul, di pulangken deui ka kidul,
Papag halang papag sungsang, pa papag pa pulang pulang,
 bisi datang penyakit ti kulon, di pulangken deui ka kulon,
Papag halang papag sungsang, pa papag pa pulang pulang,
bisi datang penyakit ti kaler, di pulangken deui ka kaler,
Papag halang papag sungsang, pa papag pa pulang pulang,
 bisi datang penyakit ti wetan, di pulangken deui ka wetan,
Papag halang papag sungsang, pa papag pa pulang pulang,
 bisi datang penyakit ti luhur, di pulangken deui kaluhur,
Papag halang papag sungsang, pa papag pa pulang pulang,
 bisi datang penyakit ti handap, di pulangken deui ka handap,
Blek bumi blek langit, blek nu dikawasaken, nya aing nu dikawasaken / nya (…sebutkeun ngaran nu geringna ) nudikawasaken, tawa aing tawa Galunggung ditawa kusang idu putih nu calik di Pangarengan, tawa tawe-tawa tawe di tawa ku sang idu putih ah tawa ku sang idu putih, aing nyaho diratu teluh, Sang Ratu Geleber Putih, nu calik di gunung Gulunggung.

jampe PAMULANG TELUH IV
Siriwi kula siratin , Mina haji kurawul kabuli badan , 
Papag papupang-pulang, Cunduk nyungcung datang rahayu , 
Anu runtuh sira nu gempur , Nu ngadek sira nu paeh,

Nu nyimbeuh sira nu baseuh , Nu nyundut sira nu tutung , 
Nya aing Ceda Wisesa Panca buana di buana panca tengah , 
Tiis ti peuting ngeunah ti beurang Ngeunah ku Allah Taala , 
Ya Allah hurip waras (3 X)